Kamis, 13 November 2014

PAguneman basa sunda





PAguneman basa sunda

Tokoh : 

- Fajri  (murid)
-Hadi (murid)
-Iana (murid)
-Nisa (KM)
-Putri (wali orang tua)
- Wapa (guru BP)

Barolos Sakola
      Dina hiji poe hirup 3 duduluran. Maranehna teh sakolah babarengan, jeung deui maranehna teh sakelas. Anu naramina nyaeta Fajri,Iana sareng Hadi. Maranehna teh murid pang badungna di kelas.
Dina hiji poe di jero kelas, maranehna keur di ajar di jero kelas. Tapi guruna teu asup.

Latar : (di jero kelas)
Iana            :    jri, di bosen yeuh di kelas, mungpung euweuh guruna urang pada bolos wae yuk !
Fajri           :    jeeeehhh..... urang mah hayuh wae,  tanya weh tuh kasi Hadi !  daek keun teu ?
Hadi            :    dih, piraku urang saminggu rek bolos wae !
Fajri            :    hayu di, kagok lah sapoe dei, isukan pere iyeuh !
Iana             :    tah heueuh, bener isukan pére iyeuh !
Hadi            :    hayulah hayu !


Tuluy maranehna siap-siap rek mangkat bolos tapi di tegor ku KM !
Nisa             :    heh, maraneh rek mangkat kamarana ?
Fajri             :    naon maneh? Kumaha urang weh, urang rek kamana ke ! lain urusan maneh !
Iana              :    awas siah lamun maneh bebeja ka guru, lamun bebeja maneh moal aman di kelas !
Fajri Iana:    bener !

Tuluy maranehna marangkat bari geus di caram ge ! tapi KM boga pikiran rek di bejakeun tah barudak teh ka guru bp.

Nisa              :    ku urang bejakeun weh ah, dari pada beuki badeg wae barudak teh !

Nisa terus mangkat ka ruang bp, kabeneran di guru bp kéur aya di ruanganna .

Latar : (di ruang bp)
Nisa                 :    assaamualaikum !
Wapa               :    waalaikumsallam ! mangga asup
Nisa                  :    nuhun bu !
Wapa                :    mangga calik neng ! aya naon !
Nisa                 :    kieu bu, di kelas simkuring tek aya barudak anu baradung pisan, maranehna bobolos wae, cikeneh ge maranehna kaluar bu bolos. Da pedah teu aya guruna.
Wapa              :    saha, di kelas mana !
Nisa                :    ti kelas 9C pak nyaeta Fajri, Iana, sareng Hadi bu!
Wapa               :    het budak eta dei !
Nisa                 :    muhun bu !
Wapa               :    nya entos nuhun laporanna, engke rek di urus wae ku ibu !
Nisa                  :    oh..nuhun atuh bu !
Wapa               :    muhun neng!
Nisa                  :    assalamualaikum bu !
Wapa                :    waalaikum salam....!!



Dijalan rek bolos, maranehna neangan tempat sakeur bolos.

Latar : (DIJALAN REK BOLOS)
Iana           :    Jri, Di urang bolos kamana yeuh !
Fajri           :    kumaha lamun ka tempat putsal!
Iana           :    urang mah hayu ! kumaha Hadi!
Hadi            :    hayulah!(bari kapaksa)
Iana             :    dih nyantaiweh moal kanyahoan iyeuh didinyamah ! bawa santai weh poe ayeunamah !
Fajri             :    hayu urang mangkat, cabut bray !

Tuluy maranehna teh marangkat ka tempat anu di tuju nyaeta tempat putsal tea. Pas poe senenna te maranehna asup sakola dei, tuluy km merebeja ka maranehna yen maranehnateh di panggil ku guru BP !

Latar : (di kelas)
Nisa                :    Fajri,iana,Hadi Maneh titah ka ruang bp !
Iana                 :    emang urang aya masalah naon jeung guru bp ?
Nisa                 :    kadi tu weh lamun teu percaya mah !
Hadi                 :    nu bener maneh !
Nisa                 :    bener, lamun teu kaditu ke maneh di kaluarkeun ti sakola !
Fajri              :    maneh bebejanya kamri uurang barolos !
Nisa                :    emang lamun heu’euh kunaon ?
Iana               :    maneh geus wani kaarurang ?
Fajri              :    bray dari pada urang di kaluarkeun, hayu weh urang pada kaditu.
Hadi             :    bener jri, hayu weh urang pada kaditu !
Iana            :    hayulah hayu !
Fajri            :    awas siahhhh...!!!!


Tuluy maranehna teh mangkat ka ruang BP. Bari maranehna ge sieuneun.
Latar : (diruang bp)
Fajri            :    assalamualaikum !
Wapa          :    waalaiikuum salam, arasup maneh !
Hadi              :    aya naon yeuh bu abdi sadaya di ppiwarang kadieu !
Wapa           :    maneh nu ngaranana Fajri,Iana, jeung  Hadi lain ?
3an                  :    muhun bu !
Wapa          :    maneh barolos wae nya?
3an                  :    heunteu bu !
Wapa         :    nu bener maneh ! aya laporanna yeuh !
Fajri             :    nya muhun bu, arurang emang sok bolos, tapi abdimah tara ngajakan bu!
Wapa          :    ah...ayeunamah tong silih salah keun, tos loba bukti jeung laporana da !,  yéuh surat berekeun ka kolot maneh, pokona isukan maneh kudu datang jeung kolot maneh.
Iana            :    nya entos atuh bu, abdi tiluan menta hampura weh pak ! janji moal kitu deui !
Wapa          :    geh ulah loba omong, kaluar weh geura, tong poho isukan !
Fajri           :    nya pak, assalamualikum bu ? (bari salim3an)


Enjingna,  pas maranehna di jero kelas, maranehna di pangggil ka ruangan guru bp, da kolotna datang !

Latar : (diruang bp)
Fajri                :    assalamualaikum !
Wapa           :    waalaikumsalam, asup !
Wapa        :    punten bu, ibuwali ti saha !
Putri        :    ohh...kieu yeuh bu, maranehna teh duduluran abdi, kabeneran bapakna  si  Iana jeung si Hadi ramana tos almarhum ! jadi abdi ngawalian budak titiluan, ngmong-ngomong aya naon yeuh bu!

Wapa          :    kieu bu, maranehna tiluan tara asup sakola, tos saminggu maranehna bolos wae !
Putri          :    nu bener bu, da unggal poe mah maranehna teh sok mangkatt wae ti bumimah !
Wapa          :    abdi ngagaduhan laporan ti budak osis sareng kmna yen manehnateh ceunah sok bolos di tempat putsal !
Putri         :    nu bener maneh Jri !
Fajri             :    eeee.....nya bu ! hampura weh bu!
Putri         :    astagfirullan, maneh tos di bayaran mahal-mahal sakola didieu, tapi sikap maneh ayeuna kieu ! ibu teh teu hanyang manneh kos ibu, Cuma jadi tukang ngarambet !
fajri             :   nya hampura weh bu!
Putri         :    Tah ayeunamah simkuring serah keun weh ka idu ! bade di kumaha keun yeuh bu !
Wapa         :    kieu yeuh bu, abdi sareng guru atos ngarundingkeun yen iyeu budak tiluan teh rek di DO wae ti sakola iyeu !
3an                  :    pak, beri keringanan atuh bu!
Fajri            :    abdi janji bade ngarubah sikap abdi !
Wapa          :    bener maneh jannji
Fajri           :    demi allah bu abdi bade nagrubah sikap !
Wapa          :    nya entos atuh bu, ayeunamah kieu weh iyeu budak tiluan teu jadi di D.O tapi iyeu budak bade di skor weh saminggu teu meunang sakola heula
Putri         :    nya nuhun atuh bu !
Wapa          :    nuhun tos sumping  bu !
Putri         :    nya sami2 bu, hampurakeun anak abdi bu, assalamualaikum !
Wapa          :    waalaikum sallam :


Tuluy senggeus maranehna di skor maranehna asup dei ka kelas 9c  rek nyokot tas da rek balik jeung bapkna si dadan.

(nyokot tas di kelas)
Nisa                 :    yih rek kamarana dei maneh !
Fajri            :    simkuring di skor saminggu!
Nisa                :    tah ceuk urangge jadi budak tong sok badeg geh, tong sok bolos wae !
Hadi            :    hampuranya  !

Maranehna teh senggeus di skor saminngu asup dei ka sakola, tapi ayeunamah maranehna geus saladar. Tara barolos dei.



Tidak ada komentar:

Posting Komentar